Sangkuriang Nyaleg (102)
Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, Jagoan si Bapa éta debusna! Teruskeun ah! ceuk jalma anu disaragam pabrik. Naon ieu téh? si Riweuh ngarérét ka Rama Bargawa, rét deui ka nu ngagimbung.
LOBA nu lalajo, Pot? Kagok, Lur!
Naon, Pot?
Kira-kirana lamun sirah ditinggang ku batu cadas nu sakeda sirah itu moal nanaon? ngaharéwos.
Haha, moal atuh, Pot!
Nyaan?
Iraha kula bohong?!
Tungguan, ngaléos bari gancang nyokot batu nu ngajentul sisisi kuta. Teu ngengkékeun, langsung batu ditinggangkeun kana sirah Rama Bargawa nu keur deku satarikna.
Brak, batu bubuk mancawura jadi segedé-gédé kacang tanah. Neuleu kitu nu lalajo ger surak bari pating saruit, pating aralung duit. Ti mimiti duit kencring nepikeun ka lambaran ratusan rébu.
Deui, Mang! Deui! gero nu lalajo.
Wah, ngeunah ogé, Lur. Babari ngarah duit, Lur? si Riweuh bungah.
Naha jadi kieu ieu téh, Pot? Rama Bargawa pungak-pinguk.
Lain jadi kieu, Lur? Alus nu aya ngahasilkeun duit! Diteruskeun moal?
Kumaha manéh wé, Pot?!
Naon nya idena? manéhna ngerungkeun tarang kawas mikir. Géléng cobaan ku motor, Mang! gorowok nu lalajo.
Kumaha, Lur?
Sok, kula mah dikukumahakeun ogé moal ngaruh, Pot!
Sukur ari kitu mah! malik kanu lalajo. Sadérék atraksi anu salajengna, ieu ki dulur digéléng ku motor. Mangga wilujeng nyakséni!
Loba, ogé, Pot? Tapi jang nanahon éta?
Aduh! Naha ari ki dulur maké nanya kitu sagala?
Cicis éta téh, Sun! tukang parkir deku ngulu mulungan.
Kumpulkeun, Réng!
Ah, maranéh mah memang jalma aranéh, pira ukur keretas dibaroro! omongna bari keukeuh ngajega dina tempatna.
Har? Naha ari ki dulur ciga anu teu butuh? Kurang loba kitu?
Kula mah teu butuh! Nu dipkabutuh ku kula mah kadaharan.
Hor? Apanan ieu téh jeung meuli kadaharan!
Pangmeulikeun wé! Kula mah tara nyekel anu kitu patut!
Heug, lamun kitu mah. Aya alusna ogé! Duit dicekel ku kuring ki dulur mah tinggal am dahar!
Lamun kitu kaharti, Pot.
Tapi omat isukan urang atraksi deui!
Moal, kula mah teu hayang pamer ciga tadi. Tapi hayang nyaho kana getih sorangan. Bisi manéh tei nyaho kula téh geus lila pisan hirup didunya. Teu kungsi gering, sumawona raheut mah. Matak kula hayang nyaho kana getih sorangan ogé, omongna.
Heug, lamun kitu mah ulah atraksi.
Tapi omat isukan datang deui kadieu, sugan panggih jeung jalma anu bisa ngaraheutan ki dulur!
Teu nanaon lamun kitu mah tujuannana, sok kula isukan datang deui la dieu! Sakalian maluruh mangkeluk anu ngaran si Riweuh!
Tah, kitu mah hadé pisan, Lur!***
Hanca....
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!