Sangkuriang Nyaleg (52)
"Salam kula wartoskeun ka Gusti Rama, Pot!"
"Siap, Bro," si Riweuh dina haténa mah nyakakak. "Nyaan loba jalama uget kadieunakeun mah, teuing tina pangaruh naon?"
"Naon, Pot? Kalahka gegerendengan sorangan?" tanya Rama Bargawa kerung.
"Henteu, éta mah nyarita téh dina haté wé,"
"Piraku dina haté meni tarik kitu?" omongna. "Beuki yakin kula lamun kitu mah, bener si Cépot," unggut-unggutan.
Si Riweuh dina haténa mah ngarasa bungah sabab jelas manusa anu néangan dirina téh teu apal kana rupa ukur nyaho dingaran.
"Kabeneran," gerendengna. "Ngan anu teu kaharti ku aing naha loba jalma édan jaman kiwari téh, saurang ngaku ngaran Sangkuriang, ieu ngaku sang Bango...aéh, Rama Bargawa. Untung aing ngomong teu luicu téh euweuh nu nyahoeun, ari lain aing sorangan mah. Mun aya nu nyaho hamo teu disebutkeun heureuy garing,"
"Pot, kunaon manéh ngomong waé sorangan?" teuteup Rama Bargawa.
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!