Sangkuriang Nyaleg (98)
Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, Nyaan hébat lamun kitu mah, Lur! si Riweuh ngacungkeun jempol. Mangkeluk téh kawas leuwih parna batan si Mamang anu ngaku ngaran Sang Bango, aéh Sangkuriang. Hayang geura-geura kapanggih wé ku kulawargana atawa patugas rumah sakit jiwa,
KUNAON manéh nyarita sorangan, Pot?
Baruk? Nyarita sorangannya? Iraha tateh?
Bieu? Naha teu sadar kitu?
Ah, ari teu sadar mah piraku deui, Lur. Meureun kuring moal nangtung hareupeun ki dulur ayeuna,
Bener ogé tah. Beuki bingung lamun kitu mah?
Saha anu bingung, Lur? tanya si Riweuh.
Manéh, Pot!
Bingung naon? Puguh ki dulur anu ngabingungkeun kuring! Geura mulang mening ayeuna mah, Lur.
Karunya tuh kulawarga bisi néangan!
Moal atuh! Kula mah teu boga kulawarga, hayang apal kana getih sorangan!
Aya ku keukeuh! Réng cikan boga kater teu?
Jang naon, Sun? tanya tukang parkir.
Ieu aya nu hayang apal kana getih sorangan! omongna.
Aya, kusiwel tukang parkir ngaluarkeun kater tina saku bajuna. Kabeneran, ditampanan.
Rék naon manéh, Pot? Rama Bargawa semu muringis.
Ki dulur lain hanyang apal kana getih sorangan?
Ari kitu?
Kadikeun tah leungeun anu kénca! Maksud manéh?
Tong api-api! Hayang apal kana getih sorangan mah katér ku kuring tah! Teu kudu néangan si Riweuh sagala!
Ulah, Pot! Bisa cilaka atuh kuring, Hor, apanan hayang apal kana getih sorangan!
Ulah kitu atuh carana!
Geus kumaha deui atuh? Kuring mah hayang nulungan wé ka ki Dulur. Tibatan unggal poé capé néang si Riweuh. Panggih can tangtu!
Ulah, ulah, Pot. Heureuy wé atuh kula mah, omongna pupurungkutan.
Maksudna? Ki dulur téh lain Rama Bargawa? Tuluy nyingsieunan si Riweuh? Ngaku Rama Bargawa? Lain, Pot! Kula mah bener Rama Bargawa! Asli,
Ari,
Jeung si Riweuh mah béda urusan,
Lieur kuring ngabandungan ki dulur? nepak tarang.
Teu, Asa pasalia, Lur?
Ulah, Pot!
Ongkoh hayang apal getih sorangan? Yeuh ku kater heula!
Ulah atuh ku kate mah, Pot. Bisa neurak? Da maksud kula mah hayang nyaho getih sorangan téh arék mecak élmu.
Sarua ieu ogé mecak élmu! Tibatan éngka panggih jeung si Riweuh kéok sakali nyabok, mening coba heula ambeh teu ka wiwirangan!
Ieu kater arek dukumahakeun, Pot?
Coba saeutik wé koétkeun kana leungeun ki dulur! Lamun getihan tah, éta getih sorangan! Geus teu ku ngudag si Riweuh lamun getihan!
Oh, kitu! Sok atuh keureutkeun éta kater kana awak kula, téangan kulit anu hipu, tulang anu rangu! nangtang.
Bener? si Riweuh ngaregog ngadéngé panangtang kitu téh.
Sok nyaan! Siga anu sieun manéh, jeung kawas kurang yakin?! Panasaran! manéhna rada asa-asa.
Kana dampal leungeun urang koétkeun saeutik. Coba namprak! Sok, tah!
Siap! sret. Kater dikeureutkeun kana dampal leung Rama Bargawa.
Si Riweuh olohok bengong mata simeuteun, nyaan teu neurak.
Ceuk kula gé?! Teu percaya manéh! Ku pakarang anu bener atuh sakalian! omongna bari seuri.
Nyaan?! si Riweuh rada muringis neuleu kitu mah. Hanas satadina ngoa. Cilaka, laya kieu mah!?
Kunaon, Pot? *** Janca...
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!