Sangkuriang Nyaleg (92)

ED
Selasa, 8 November 2022 | 06:32 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (92)
Herdi Pamungkas
  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
  • Lalakon Saméméhna, Naon, Réng? Manéh ngomongkeun kula? Rama Bargawa ngarérét ka tukang parkir. Henteu, Sun! Ieu mah nyarios téh dina haté wé,

Piraku dina haté kuaka kadéngé Amerika?

Asa pernah obrolan kieu téh?

Ari si Garéng mah heuh, Pot. Angger éta kénéh anu dicaritakeunana. Tapi apanan kula mah béda. Ditambahan ku Amerika?

Oh, kitunya, omongna.

Lain, Pot. Naha kula panggih waé jeung manéhnya di dieu?

Juragan anu kadieu waé?

Lain kahaja saberna kula ngaliwat kadieu téh pedah wé jalan anu babari ka dieu. Sok ayeuna manéh nanya? Naha geus ti mana kituh?

Naha geus ti mana kitu?

Tah, kitu! Ku kula dijawab, Pot.

Biasa geus néangan mangkeluk anu ngaran si Riweuh, éta jawaban kula, Pot. Ayeuna manéh nanya deui, Pot! Panggih teu jeung si Riweuhna?

Jadi kuring kudu nanya deui kawas bieu?

Heueuh. Sok!

Embung ah, jawabanna geus pasti kitu,

Kitu kumaha, Pot?

Kuring apanan kudu nanya. Panggih teu jeung si Riweuhna? Pasti ki Dulur bakal ngajawab. Nyéta henteu matak balik deui ogé. Pasti kitu ngajawabna.

Gening nyaho, Pot?

Nyaan nu gélo jeung édan mah nyambung, gerendeng tukang parkir.

Pot, kunaon si Garéng gegerendengan waé?

Ngomongkeun? merong.

Réng jempé atuh, ieu rama kawalon bendu!

Lain Rama Kawalon, Pot! Bargawa.

Lain manéh mah ngabodoena siga nurutan wayang dina radio. Ngan ayeuna mah radio analog téh geus ditutup kudu pindah kana digital!

Tuh, salah atuh, lain radio analoh mah TV, Gan! Radio mah, Pasti manah bakal ngomong radio mah butut,

Lain, salah! Radio mah aya SW, FM, AM. Lain analog,

Kitu nya, Pot. Bisaan manéh, Euy? Cépot téa atuh gaul, Brow!

Lain, ari mah can kungsi panggih kénéh jeung anu ngaran si Riweuh téh?

Nyéta acan, Gan.

Aya ku lingas tah mangkeluk. Jeung kawas nu nyaho kana kadatangan kula ka imahna?

Baruk?

Bener, pan tadi kula ti imahna. Ceuk pamajikanan mah cik kénéh cénah kaluar! Badé ka landeuh? Teuing ari maksudna landeuh téh kamana pamajikanana ogé teu nyahoeun?

Komo kuring atuh, dulur lain tatangga lain,

Aya ku bisaan tah si kurang uyah téh ngejatna! kekerot.

Puguh kitu, Lur. Kuring waé nu geus nénéangan aya mingguna can kungsi manggihan?

Pinter nyumputna tah mangkeluk anu ngaran si Riweuh téh, Pot?

Nu mawi kitu, Lur,

Nyaan bisaan si Riweuh ngulinkeun musuhna, gerendeng tukang parkir. Naon si Garéng gegerendengan wae,

Pot? Rama Bargawa merong.

Heueuh, Réng? Kunaon manéh?

Ngomongkeun goréng nya manéh, Garéng?! Rama Bargawa nyentak. Teu pisan-pusan, Sun. Omong tukang parkir rengkuh.

Ké, Pot!

Naon, Lur?

Aya nu anéh teu ceuk manéh?

Maksud ki dulur?

Si Garéng éta téh bener?

Ari kitu?

Ah, lain siah, nipu aing jigana?

Nipu? dina haténa si Riweuh ngaras reuwas oge sok sieun kabongkar kedok dirina ogé. Maksudna kumaha, Lur?

Ceuk kula mah lain si Garéng éta? Ari geus saha kitu?

Piraku si Garéng nyarita lemes kieu?

Ari geus?

Ah, siah ieu mah Abimanyu nya?

Atawa Arjuna?

Arjuna? omong si Riweuh, rada bisa ngarénghap ayeuna mah.***

Hanca...

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.