Sangkuriang Nyaleg (86)
Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, Jep, teu ngomong deui tuluy ngajauhan si Riweuh muru ka tempat di mana manéhna biasa diuk.
"Kamana, Lur?"
"Damel deui, Nun."
"Keu heula, nu arék diparkirkeunna ogé can aya!"
"Badé naon, Nun?"
"Kuring eweuh batur ngobrol."
"Ngabahas naon, Nun?"
"Si Mamang?"
"Sanés tadi miwarang,"
"Teu! Kira-kira saha tah anu tadi ngajemput si Mamang?"
"Nu mawi saur jisim abdi ogé kirang paos, Sun."
"Sugan éta aya ciri-ciri anu tangtu?"
"Mung supirna wé nganggi acuk partéy, Sun."
"Baju partéy?"
"Suruduk, Nun. Aéh sumuhun,"
"Cicing ulah ngabodor!"
"Teu pisan-pisan, Sun. Ngabodor mah sanés pakna. Upami téa mah jisim abdi tiasa ngabodor pangenten parantos lebet kana TV, Sun."
"Jadi manjangan, Lur. Abong kéna dijalanan." Omongna. "Lain sugan dunganna maké baju naon?"
"Dununganna mah gagah, Sun. Najan teu jangkung badag sapertos Rama Bargawa ogé,"
"Maksudna?"
"Nganggo jas, Sun. Kumaha wé para pajabata anu sok calik di gedong wakil rakyat,"
"Bisa jadi, Lur. Dunungan si supir téh teu wungkul urang partéy, tapi mungkin waé anggota Déwan."
"Naon béntenna kitu urang partéy sareng anggota Déwan?" tanyana.
"Pasti béda atuh, Lur. Anggota Déwan mah terhormat,"
"Upami anggota partéy?" panasaran.
"Ari anggota partéy mah can tangtu jadi Déwan,"
"O, manawi téh sadaya anggota partéy ogé anggota déwan?"
"Henteulah! Ngan kétah kiwari mah teu kudu jadi anggota partéy ogé bisa jadi déwan, Lur,"
"Baruk?"
"Teu ngartos jisim mah,"
"Baé ari teu ngarti mah ulah dipikiran, ka lieur-lieur. Mun geus lieur kuring ké anu katempuhan." Omongna.
"Baruk, tiasa kitunya?"
"Heueuh atuh. Maksudna, Lur?"
"Muhun teu kedah janten anggota partéy, tiasa janten anggota déwan?"
"Bisa atuh, ki Dulur waé lamun daék mah bisa?"
"Nu leres, Sun?"
"Maké teu bener sagala? Éta buktina si Mamang? Naon maksudna dibabawa ku ketua partéy?"
"Sangluriang maksad salira téh, Nun?"
"Nya heueuh atuh, saha deui. Apanan ki dulur mah teu diajakan lin?"
"Berarti, asal diajak ku ketua partéy pasti bisa jadi anggota déwan? Kitu maksadna, Nun?"
"Nya heueuh atuh, Lur. Da jadi déwan téh perlu kandaraan?"
"Panginten atuh tadi ngabantun mobil?"
"Lain kitu maksudna kandaraan téh, Lur!"
"Kumaha, Sun? Da éta mah tadi jisim abdi mémang kitu ngabandungannana, Sun."
"Lain kitu,"
"Kumaha maksadna kandaraan téh, Sun?"
"Acan ngarti kénéh waé?"
"Teu acan, Nun. Numasi jisim abdi naroskeun?"
"Lamun geus apal arék kumaha?"
"Nyalonkeun déwan, Nun. Sapertos Sangkuriang,"
"Mémang gampang jadi déwan téh?"
"Nu mawi jisim abdi naroskeun ogé, Sun."
"Keun atuh ku kuring dibéjaan. Tapi saméméhna kuring aréj nanya ka ki dulur?"
"Naros naon, sun?"
"Kira-kirana naon tujuan ki dulur jadi anggota déwan?"
"Paya gagah wé sapertos juragan anu ngajemput Sangkuriang tadi. Gaduh mobil, ka mana-mana tinggal ngajak supir. Jisim abdi ukur calik dipengkér bari nundutan."
"Alus tah ari kitu mah motivasina,"
"Motivasi téh naon, Sun?"
"Baé atuh teu nyaho hartina ogé, ari nu kieu mah teu kudu ditanyakeun. Cukup omongkeun wé ambéh katanggar rada intelek."
"Intelék ogé kangga jisim abdi mah kirang paos, Sun,"
"Nya, geus teu kudu dipikiran teu apal mah. Sabab lamun dijelaskeun kabéh mah kuring kaburu capé! Nu ditanyakeun téh kandaraan apanannya tadi téh?"
"Leres, Sun?".***
Hanca....
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!