Sangkuriang Nyaleg (85)
Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, "Embung wé. Teu kaharti nyaan? Naha saha lalaki gandang téh? Asa teu kungsi dicaritakeun. Moal kitu bapana?"
"RAMANA saha, Nun. Da ieu mah yuswana ogé moal tebih ti salira, Sun,"
"Lain lamun kitu mah?! Bapana mah pastina ogé umurna saluhureun kuring?"
"Mémang sanés, Nun."
"Saha, Lur? Sugan apal?"
"Nu mawi teu seueur tataros, Sun. Margi paur disebat képo,"
"Ah, tanya atuh kali-kali mah!"
"Rupina mah da moal lami ogé wangsul deui, Sun!"
"Geuning apal?"
"Da biasana ogé kitu, margi parantos aya kana dua kalina kituna téh!"
"Sugan bé atuh buru-buru mulang!"
"Aya peryogi naon, Nun?"
"Képo?"
"Tuh, tadi ka kuring kudu loba nanya? Ayeuna disebutkeun képo,"
"Geus, tong loba ngabantah!"
"Siap, Nun!" muringis tukang parkir neuleu si Riweuh molotot.
Jep, teu ngomong deui tuluy ngajauhan si Riweuh muru ka tempat di mana manéhna biasa diuk.
"Kamana, Lur?"
"Damel deui, Nun."
"Keu heula, nu arék diparkirkeunna ogé can aya!"
"Badé naon, Nun?"
"Kuring eweuh batur ngobrol."
"Ngabahas naon, Nun?"
"Si Mamang?"
"Sanés tadi miwarang,"
"Teu! Kira-kira saha tah anu tadi ngajemput si Mamang?"
"Nu mawi saur jisim abdi ogé kirang paos, Sun."
"Sugan éta aya ciri-ciri anu tangtu?"
"Mung supirna wé nganggi acuk partéy, Sun."
"Baju partéy?"
"Suruduk, Nun. Aéh sumuhun,"
"Cicing ulah ngabodor!"
"Teu pisan-pisan, Sun. Ngabodor mah sanés pakna. Upami téa mah jisim abdi tiasa ngabodor pangenten parantos lebet kana TV, Sun."
"Jadi manjangan, Lur. Abong kéna dijalanan." Omongna. "Lain sugan dunganna maké baju naon?"
"Dununganna mah gagah, Sun. Najan teu jangkung badag sapertos Rama Bargawa ogé,"
"Maksudna?"
"Nganggo jas, Sun. Kumaha wé para pajabata anu sok calik di gedong wakil rakyat,"
"Bisa jadi, Lur. Dunungan si supir téh teu wungkul urang partéy, tapi mungkin waé anggota Déwan."
"Naon béntenna kitu urang partéy sareng anggota Déwan?" tanyana.
"Pasti béda atuh, Lur. Anggota Déwan mah terhormat,"
"Upami anggota partéy?" panasaran.
"Ari anggota partéy mah can tangtu jadi Déwan,"
"O, manawi téh sadaya anggota partéy ogé anggota déwan?"
"Henteulah! Ngan kétah kiwari mah teu kudu jadi anggota partéy ogé bisa jadi déwan, Lur,"
"Baruk?"
"Teu ngartos jisim mah,"
"Baé ari teu ngarti mah ulah dipikiran, ka lieur-lieur. Mun geus lieur kuring ké anu katempuhan." Omongna.
"Baruk, tiasa kitunya?"
"Heueuh atuh. Maksudna, Lur?"
"Muhun teu kedah janten anggota partéy, tiasa janten anggota déwan?"
"Bisa atuh, ki Dulur waé lamun daék mah bisa?"
"Nu leres, Sun?"
"Maké teu bener sagala? Éta buktina si Mamang? Naon maksudna dibabawa ku ketua partéy?"
"Sangluriang maksad salira téh, Nun?"
"Nya heueuh atuh, saha deui. Apanan ki dulur mah teu diajakan lin?"
"Bey, asal diajak ku ketua partéy pasdti bisa jadi anggota déwan? Kitu maksadna, Nun?"
"Nya heueuh atuh, Lur. Da jadi déwan téh perlu kandaraan?"
"Pangenten atuh tadi ngabantun mobil?"
"Lain kitu maksudna kandaraan téh, Lur!"
"Kumaha, Sun? Da éta mah tadi jisim abdi mémang kitu ngabandungannana, Sun".***
Hanca....
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!