Sangkuriang Nyaleg (82)
Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, "Nyaan," Kartadi geus bisa ngukur dina haténa ngeunaan Sangkuring. Nilik dina kieu mah manéhna bisa diukir ku aing, ieu pisan anu dibutuhkeun. Gampang disetirna mangkeluk jiga kieu mah, ngan kawasna kaleuwihanana téh boga sipat neutreug. Ieu pisan nu alus. Bisa dipolés ku aing. Haténa galécok.
"NAHA kalahka ngahuleng, Lur? Lain,"
"Kieulah ayeuna mah mending ngilu ka kuring! Ngobrolna urang bari dahar geura kawas ti heula?" omongna.
"Satuju!" supir miheulaan.
"Lain ka manéh!" Kartadi ngadilak.
"Bawa wé karunya, Lur!" omong Sangkuriang.
"Hayu!"
Maranehna laleumpang ka luar ti buruan imah kontrakan Sangkuring, kebat muru ka tempat parkir anu saterusna pating kalacat kana mobil.
Biur mobil indit ninggalkeun éta patempatan muru ka salah sahiji rumah makan nu aya di Bandung.
Tukang parkir ukur olohok bengong nénjo Sangkuriang aya nu ngajempit téh.
Teu kungsi lila norojo; si Riweuh ngadeukeutan tukang parkir dibarengan ku hegakna napas, satutas markirkeun motorna.
"Kunaon, Sun? Sapertos anu diudag bagong?"
"Lain diudag bagong," omongna. Gedig leumpang muru ka jero gang maksudna arek ka imah kontrakan Sangkuriang.
"Badé ka mana, Sun?" tanya tukang partkir.
"Tunyu-tanya, képo?" teu ngarérét, jongjon ngagedig.
Tukang parkir ukur neuteup ti kaanggan. Nu leumpang beuki gancang ahirna parat ka tungtunggang.
Teu kungsi lila geus balik deui ngagedig nyampeurkeun tukang parkir.
"Naha, Sun, wangsul deui?"
"Suwung, Lur? Sugan apal Sang bango?"
"Sangkuriang panginten?"
"Lain! Si Mamang keur ka mana? Sugan apal, Lur?"
"Mamang?"
"Teu ngarti? Sangkuriang lamun ceuk ki dulur mah. Ngan kuring teu téga lamun nyebut ngaran éta,"
"Naha, Sun? Mémang namina kitu."
"Kajeunlah! Di mana ayeuna, sugan dulur apal?"
"Oh, kitu nya?"
"Di mana apal teu!?"
"Tenang, Sun. Kuring tadi ningal téh aya anu ngajemput,"
"Maksudna?"
"Aya saurang lalaki beunghar dina gayana mah, jeung saurang supirna, Sun."
"Lalaki?"
"Leres, Sun."
"Ah, asa beuki teu kaharti?" manéhna kerung tuluy mencétan tarang.
"Naha sapertos anu nyeri hulu, Sun?"
"Gagabah nyarita téh?"
"Kunaon atuh nganggo mencétan hulu, aéh mastaka sagala rupi?"
"Nyéta teu ngarti? Naha dijemput ku lalaki gandang, bieu ning ceuk dulur?"
"Leres, Sun."
"Anéh nyaan? Asa pasalia jeung anu kungsi didongéngkeunnana ka kuring?" ras inget waktu Sangkuriang nyaritakeun ka dirina ngeunaan papanggihannana jeung hiji wanoja anu rupana murip jeung Dayang Sumbi.
"Naon atuh anu anéh téh, Sun?"
"Si Mamang,"
"Sangkuriang maksadna?"
"Si Mamang!"
"Muhun, Sang,"
"Kuring mah embung nyebut ngaran éta, si Mamang wé!"
"Naha?"
"Embung wé. Teu kaharti nyaan? Naha saha lalaki gandang téh? Asa teu kungsi dicaritakeun. Moal kitu bapana?"
"Ramana saha, Nun. Da ieu mah yuswana ogé moal tebih ti salira, Sun,"
"Lain lamun kitu mah?! Bapana mah pastina ogé umurna saluhureun kuring?"
"Mémang sanés, Nun."
"Saha, Lur? Sugan apal?".***
Hanca...
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!