Sangkuriang Nyaleg (80)
Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, "Juragan, naha dialog éta mah asa pernah dina épisode saméméhna? Diulang ieu téh?"
"TONG geruh!"
"Oh, kitu?"
"Sangkuriang, kuring nyaan hésé néangan imah kontrakan anjeun?"
"Geuning ieu kapanggih?"
"Panggih soteng meunang ihtiar," omong Kartadi.
"Geuning éta,"
"Teu gampang,"
"Komo kuring Sangkuriang ngalaman arék dibanjur ku cai ngagolak. Nu leuwih parna arék didagor ku konci inggris," omong supir ngéngklokan.
"Geuning éta teu nanaon?"
"Kapanan kakara arék veuk kuring gé,"
"Keun atuh ari kakara rancana mah. Anu penting mah kiwari emang salamaet. Salah carana meureun," omong Sangkuriang.
"Tapi ku juragan mah hasil,"
"Ih, tangtu atuh, dunungan di dinya mah apanan kasohor."
"Maksadna?"
"Can ngarti kénéh waé! Lamun disebutkeun deui ku kula bisi disangka diulang-ulang. Tapi teu nanaon ngarah anjeun ngarti mah. Tadi ku kula geus disebutkeun, Karnadi mah bandar bangkong, meunangkeun anu geulis bati ngabohong. Ku cara ngabohong mah pasti hasil," omongna.
"Tuh, geus pok deui?" omong Kartadi.
"Bongan anak buah anjeun ngénta! Nya ku kula dibéré,"
"Heueuh atuh, Pir. Naha mikir téh telar waé?"
"Kapanan tadi saur juragan lamun kuring pinter mah,"
"Geus teu kudu dibahas deui éta mah!" omong Kartadi.
"Mangga, Gan. Langkung saé kitu,"
"Lur, aya naon ieu téh mani rareuwas kieu? Wayah keu geus namu?" tanya Sangkuriang baria ngajanteng lebah lawang panto.
"Ké, ari kuring ngajawabna di dieu waé handapeun panyawéran?"
"Oh kitu? Bébaslah di mana wé,"
"Nyaan," Kartadi geus bisa ngukur dina haténa ngeunaan Sangkuring. Nilik dina kieu mah manéhna bisa diukir ku aing, ieu pisan anu dibutuhkeun. Gampang disetirna mangkeluk jiga kieu mah, ngan kawsna kaleuwihanana téh boga sipat neutreug. Ieu pisan nu alus. Bisa dipolés ku aing. Haténa galécok.
"Naha kalahka ngahuleng, Lur? Lain,"
"Kieulah ayeuna mah mending ngilu ka kuring! Ngobrolna urang bari dahar geura kawas ti heula?" omongna.
"Satuju!" supir miheulaan.
"Lain ka manéh!" Kartadi ngadilak.
"Bawa wé karunya, Lur!" omong Sangkuriang.
"Hayu!"
Maranehna laleumpang ka luar ti buruan imah kontrakan Sangkuring, kebat muru ka tempat parkir anu saterusna pating kalacat kana mobil.
Biur mobil indit ninggalkeun éta patempatan muru ka salah sahiji rumah makan nu aya di Bandung.
Tukang parkir ukur olohok bengong nénjo Sangkuriang aya nu ngajempit téh.
Teu kungsi lila norojo; si Riweuh ngadeukeutan tukang parkir dibarengan ku hegakna napas, satutas markirkeun motorna.
"Kunaon, Sun? Sapertos anu diudag bagong?"
"Lain diudag bagong," omongna. Gedig leumpang muru ka jero gang maksudna arek ka imah kontrakan Sangkuriang.
"Badé ka mana, Sun?" tanya tukang partkir.
"Tunyu-tanya, képo?" teu ngarérét, jongjon ngagedig.***
Hanca....
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!