Sangkuriang Nyaleg (77)
Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, "Siap, Om! Moal kalebet heula," matana neuteup juragan anu ngusiwel deui ngaluarkeun duit saratus rébu.
"MOAL, mung nahanya teu aya anu apal ka Sangkuriang padahal ngontrakna di wilayah ieu?"
"Oh, Sangkuriang anu," leungeunna geuntak nampanan duit salambar. "Rambutna panjang? Manawi téh sanés éta?" omongna.
"Tah, leres, dimana?" Juragan ngarandeg, rék balik teu tulus. Kakara surti kana kaayaan.
"Di mana nya?" ngerungkeun tarangna.
"Cobi émut-émut?" song deui salambar.
"Oh, enya," rikat nampanan duit.
"Tah, tah, tah! Cobi nu mana marga di dieu mah sami sadayana bentuk bumina,"
"Sami mémang, mung apanan aya nomeran?"
"Cobi, nomer sabaraha bumina kontrakannana sangkuriang," kusiwel deui salambar.
"Oh, muhun anu itu, payuneun pisan!" bari nunjuk, sarta rikat nampanan duit.
"Nuhun atuh!" juragan ngaléos.
Mojang ngajanteng kénéh palebah lawang panto dibarengan ku imutna anu kareueut lir gula kawung.
"Kumaha juragan?"
"Lain, kumaha-kumaha! Tuh itu imah Sangkuriang!" omongna, suku mah tetep ngaléngkah.
"Hébat, Juragan!"
"Saha heula atuh? Moal samata-mata kuring kapeto jadi ketua partéy lamun ceuleupeung kawas,"
"Kawas kuring nya, Gan?"
"Geuning ngaku?"
"Gan, cik élmuna wariskeun! Supaya kuring pinter kodék sapertos Juragam!"
"Ulah maké kodék atuh! Hati-hati nyarita!"
"Oh, baruk?"
"Ulah jangji engab! Bari teu ngarti kana naon anu dicaritakeun!"
"Mangga, Gan! Janten badé diwariskeun élmuna?"
"Jang naon barina ogé?"
"Supados kuring hébat sapertos, Juragan. Buktosna itu mojang ngajanteng waé di lebah lawang panto!" ngarérét ka tukang.
"Naha enya kitu?" manéhna malik. Mojang ngadadahan.
"Tuh, édun, Gan! Wariskeun!"
"Cicing! Wariskeun- wariskeun! Lamun manéh pinter saha atuh éngké gantina?"
"Janten kuring diperyogikeun ku juragan?"
"Puguh wé! Gancang leungpangna, tuh imah Sangkuriang hareupeun!" omongna.
"Dupi itu mojang kumaha, Gan?" ngalieukat ka tukang.
"Kumaha manéhlah?" tetep leumpang.
"Siap, Juaragan!" malikeun awak nyampaeurkeun mojang anu ngajanteng lawang panto. "Héy!" sura-seuri.
"Ih, nyao!" malik, gebrug nutupkeun panto.
"Géhél! Sadis ning," manéhna ukur bisa ngahuleng bari ngurutan dada. Geyntak malikeun awak, lumpat ngudag dununganana.
"Naha balik deui?"
"Ka kuring mah judes, Gan!" sedih.
"Matak gé da tujuan urang ngadieu téh apanan arék nepungan Sangluriang. Naha bet anu lain-lain atuh!"
"Rumaos, Gan."
"Geus nepi! Coba ketrokan pantonana!"
"Siap, Gan!" ngalacat kana téras imah kontrakan, laju keketrok sarta uluksalam.
"Saha?"
"Kuring,"
"Kuring saha? Lamun tukang kiridit nyingkah da kula mah teu nganjuk nanaon!" gerona ti satukangeun panto.
"Kuring di luar Sangkuriang!" jawab jurahan.
"Asa aoal kana sorana? Bandar bangkongnya?" panton dibuka.
"Karnadi atuh bandar bangkong mah,"
"Meunangkeun anu geulis bati ngabohong!" omongna mencrong nu narangtung lebah panyawéran.
"Éta mah Karnadi atuh! Kuring mah Kartadi apanan?"
"Juragan, naha dialog éta mah asa pernah dina épisode saméméhna? Diulang ieu téh?".***
Hanca....
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!