Sangkuriang Nyaleg (75)

ED
Jumat, 21 Oktober 2022 | 06:00 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (75)

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
  • Lalakon Saméméhna, "Ténjo kuring! Kudu dicontoan waé!" Juragan muru ka salah sahiji imah kontrakan anu pantona kakara dibuka ti jero.

NU KALUAR téh hiji wanoja lenjang, rentang-rentang nempo nu datang geuntak panto ditutupkeun. Reg atuh Juragan palebah lawang oanto. Nu boga imah kadéngé sorana.

"Ulah muka panto ceuk urang ogé!" sada lalaki.

"Sugan téh moal?"

"Néng, ieu artos saha murag saratus rébu?" omong juragan diluar ngagiwing duit salambar.

"Gancang cokot, aku nu urang!" sora lalaki.

Si Wanoja buru-buru muka panto, nyampeurkeun juragan, matana mencrong ka lebah duit anu di dgigiwing.

"Nu kuring, Om," omongna.

"Ieu, atuh!" diasongkeun.

Geus nampanan, geuntak malik deuk asup deui. Juragan ngageroan deui.

"Ieu salambar deui!" gerona.

"Mana, Om?" Kakara malédog ku imutna anu kareueut, leungeun namprak.

"Tapi,"

"Pasti, Om!" omongna, malik kalawang panton bari nyorowok. "Lalaki kéré balik siah kaluar!"

"Ké, ké,?" Jurahan kerung.

"Tos, diusir, Om!" namprak.

"Lain ki," Juragan ngarénjag nénjo lalaki anu diusir tadi kaluar ti imah éta mojang, tarangna kerung.

"Hayu kalebet, Om! Teu aya sasaha!"

"Ké, ké,"

"Naon deui?"

"Maksud kuring mah kadieu téh arék nanyakaeun,"

"Naroskeun naon, Om? Abdi mah masih single," omongna aluman-alimen.

"Single?" kerung. "Sanés,"

"Pamet nu tadi?"

"Lain arék naroskeun dupi bumi kontrakan anu dilebetan ku Sangkuriang palih mana?"

"Hor?" mojang kerung.

"Teu terang?"

"Teu, Om!"

"Wios atuh henteu mah," malikeun awakna.

"Kamana, Om? Moal kalebet heula?" ngenyang.

"Moal! Ieu wé salambar deui!" ngasongkeun duit saratus.

"Sering-sering wé ka dieunya," umat-imut.

"Omatnya, engké dina waktosna tong hilap, pilih nami sareng patéyna. Tah ieu kartu nami sareng logo partéyna," omong juragan.

"Siap, Om! Moal kalebet heula," matana neuteup juragan anu ngusiwel deui ngaluarkeun duit saratus rébu.

"Moal, mung nahanya teu aya anu apal ka Sangkuriang padahal ngontrakna di wilayah ieu?"

"Oh, Sangkuriang anu," leungeunna geuntak nampanan duit salambar. "Rambutna panjang? Manawi téh sanés éta?" omongna.

"Tah, leres, dimana?" Juragan ngarandeg, rék balik teu tulus. Kakara surti kana kaayaan.

"Di mana nya?" ngerungkeun tarangna.

"Cobi émut-émut?" song deui salambar.

"Oh, enya," rikat nampanan duit.

"Tah, tah, tah! Cobi nu mana marga di dieu mah sami sadayana bentuk bumina,"

"Sami mémang, mung apanan aya nomeran?"

"Cobi, nomer sabaraha bumina kontrakannana sangkuriang," kusiwel deui salambar.

"Oh, muhun anu itu, payuneun pisan!" bari nunjuk, sarta rikat nampanan duit.

"Nuhun atuh!" juragan ngaléos.

Mojang ngajanteng kénéh palebah lawang panto dibarengan ku imutna anu kareueut lir gula kawung.***

Hanca....

"

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.