Sangkuriang Nyaleg (72)
Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, "Teu acan kapendak, Gan. Bentuk wangunan kontrakan téh ampir sami sadayana,"
"LAIN ampir, mémang sarua kabéh. Ngaranna ogé imah kontrakan apanan, Pir! Téangan kudu nepi ka panggih!"
"Mangga, Gan!" supir garo-garo teu ateul, sakapeung mah nepakan tarang sagala. "Bingung aing! Nanyakeun ka saha? Pangeusina euweuh anu katénjo diburuan. Boroning kitu anu mukakeun panto waé euweuh. Moal kitu lamun imah kosong mah?"
"Naon deui atuh, Pir! Kalahka ngomong sorangan bari hulang-huleng kawas anu kasibat?"
"Henteu, Gan! Ieu mah nyarios téh dina haté wé," omongna.
"Aya waé bahasa kitu?"
"Itu sugan!" manéhna gira-giru muru anu mukakeun panto. Susuganan aya raratan ngeunaan imah Sangkuriang.
"Punten,"
Kakara ogé nyarita kitu buru-buru panto ditutupkeun kunu boga imah.
"Bu," supor reuwas.
"Ceuk kami ogé ulah mukakeun panto!" kadéngé ti jero imah anu nyarita.
"Sugan téa?"
"Éta buktina,"
"Naon anu kajadian dijero imaha?" supir ngahuleng bari ngadédéngékeun di buruan.
"Ulah! Batur ogé euweuh anu mukakeun panto! Matak engké deui mah toong heula ka luar méméh mukakeun panto téh," ceuk sora lalaki.
"Enya, nya! Meni reuwas, sugan téh moal aya anu norojol?!" omong sora awéwé.
"Duh, naon nya?" supir garo-garo tei ateul. "Punten!"
"Tuh, pupuntenan deui! Hayu urang nyumput! Urang api-api teu nyaho wéh," omong lalaki.
"Ari geus kumaha? Manéhna pasti nungguan di buruan da disangkana urang araya di imah. Tadi geus katempoeun waktu muka panto?"
"Kumaha lamun urang seblok wé ku cai ngagolak sangkan nyingkah?"
"Kabeneran tadi naheur cai kakara sahéng!"
"Gancang atuh bawa, seblokeun ka nu di luar!"
"Gusti, cilaka deuleu! Kudu lumpat aing," gerendeng supir gura-giru nyingkah. "Euweuh jelema di buruan mah!"
"Tuh, pan kabur ari arék di séblok mah!"
Satuluyna kadéngé sora nu seuseurian ti jero imah, sedeng supir lumpat ti babaranting.
"Géhél pangeusi imah téh! Untung aing lumpat lamun cicing kénéh di buruan meureun cilaka?" rénghap-ranjug.
Supir ngahégak, ti kajauhan dunganana merong bangun panarasan.
"Duh, Juragan? Jaba nungguan," ukur méré isarah. "Aing panasaran anu anu ngajadian di kontrakan anu aya di dieu. Naha jalama pada ngararingkeb manéh? Loba imah téh tapi siga taya pangeusian? Singhoréng nyarumput," gerendengna.
Kalawan rancingeus sugan aya deui anu mukakeun panto imah, kiwari mah dirina diliputan ku rasa hayang nyaho.
Rét ka kalér kabeneram aya anu nyurungkeun, lol sirahna katénjo awéwé.
"Kabeneran? Jaba geulis!" satengah lumpat muru panto muka.
"Ih, tulung!" panto buru-buru ditutupkeun.
"Géhél!" supir ngagurubug reuwas, ku gebrugna sora panto.
"Aya naon, Néng?" tanya lalaki di jero.
"Lalaki," jawabna. "Kurang ajar! Sugan mah kudu dibabuk siah!" kadéngé gebligna ngadeukeutan lawang panto.
"Aduh, cilaka deui waé! Aing kudu buru-buru nyingkah!" omong supir ngajauhan.
Nyaan wé bareng jeung ngajauhan manéhna, lawang panto muka dibarengan ku ngahiukna konci inggris ngahakan tempat kosong. Geys kitu ngelok deui, panto langsung nutup.
"Cilaka! Kaya kieu mah, untung aing lumpat," gagancangan muru dununganana nu masih ngajanteng.
"Kumaha meunang béja?" neuteup supir. "Kunaon kawas anu sieun?".***
Hanca....
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!