Sangkuriang Nyaleg (70)

ED
Minggu, 16 Oktober 2022 | 11:48 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (70)

"Nanya deui? Téangan atuh carana!"

"Mangga,"

"Panggih teu?" tanya Juragan.

"Teu acan kapendak, Gan. Bentuk wangunan kontrakan téh ampir sami sadayana,"

"Lain ampir, mémang sarua kabéh. Ngaranna ogé imah kontrakan apanan, Pir! Téangan kudu nepi ka panggih!"

"Mangga, Gan!" supir garo-garo teu ateul, sakapeung mah nepakan tarang sagala. "Bingung aing! Nanyakeun ka saha? Pangeusina euweuh anu katénjo diburuan. Boroning kitu anu mukakeun panto waé euweuh. Moal kitu lamun imah kosong mah?"

"Naon deui atuh, Pir! Kalahka ngomong sorangan bari hulang-huleng kawas anu kasibat?"

"Henteu, Gan! Ieu mah nyarios téh dina haté wé," omongna.

Halaman :

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.