Sangkuriang Nyaleg (53)
Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, "Piraku dina haté meni tarik kitu?" omongna. "Beuki yakin kula lamun kitu mah, bener si Cépot," unggut-unggutan.
SI RIWEUH dina haténa mah ngarasa bungah sabab jelas manusa anu néangan dirina téh teu apal kana rupa ukur nyaho dingaran.
"Kabeneran," gerendengna. "Ngan anu teu kaharti ku aing naha loba jalma édan jaman kiwari téh, saurang ngaku ngaran Sangkuriang, ieu ngaku sang Bango...aéh, Rama Bargawa. Untung aing ngomong teu luicu téh euweuh nu nyahoeun, ari lain aing sorangan mah. Mun aya nu nyaho hamo teu disebutkeun heureuy garing,"
"Pot, kunaon manéh ngomong waé sorangan?" teuteup Rama Bargawa.
"Henteu, Ma! Kuring mah nyarita téh dina haté wé! Sok témbal atuh piraku dina haté nongtoréng kituh?"
"Ari Manéh, Pot. Diborong ku sorangan kuduna ogé nu nanya kitu mah kula, Euy?!"
"Baélah kali-kali mah kuring, Ma. Sarua atuh lamun dijawab ku anjeun mah jeung carita saméméhna, pan tadi enggeus!"
"Heueuhnya,"
"Geuning éta!"
"Geus, Pot! Ulah heureuy waé! Béjakeun ka Gusti Rama kula hayang modol...aéh hayang panggih!"
"Heug ari kitu mah, ku kuring dibéjakeun!"
"Kula hayang nyaho getih sorangan kituh?!"
"Siaplah, éngké dibéjakeun!"
"Tongg éngké, ayeuna wé bari kula hayang panggih ongkoh!"
"Nyéta ayeuna mah keur nyaba jeung Dewi Madrim ka Rancabuaya,"
"Lain Dewi Madrim atuh istri Sri Rama mah? Bima,"
"Dibandungan ku aing ngobrolna téh kawas nu garélo," gerendeng tukang parkir bari nungkup sungut. Nahan piseuerieun, sabab ditungkup ahirna malik katukang jadi ngahiek.
Ngiiiiik, cénah rada panjang saeutik.
"Kéhéd jeung modol di dieu siah, Garéng!" Rama Bargawa nutup irung.
"Nyingkah, Réng. Teu sopan siah!" sentak si Riweuh, rada seuri konéng.
"Garéng?" tukang parkir kerung.
"Meugeus, heueuh aku wéh!" si Riweuh méré isarah.
Tukang parkir najan teu pati ngarti ogé nurut bari unggeuk, tibatan kudu adu hareupan jeung pasualan mah mending ogé ngaenyakeun, kitu ceuk pikirna.
"Garéng, sia meuni segak kieu! Goréng parab kawasna nya, Réng!?" gero Rama Bargawa bari mengkek irungna.
"Dasar wé si Garong...aéh goréng,"
"Garéng meureun, Pot? Lain kulub suuk?"
"Kuring tadi nyarita naon?"
"Dasar kulub tutut ceuk manéh tadi, Pot!?"
"Sanés kulub tutut, Nun. Goréng," potong tukang parkir.
"Ngan anu anéh, naha si Garéng nyaritana sopan kieu, Pot? Boa lain si Garéng siah?"
"Si Garéngna ieu mah keur teu boga duit,"
"O, jadi kitu nya, Pot?"
"Saha anu arék méré nginjeum coba lamun nyaritana teu sopan mah, Ma?"
"Heueuh, kaharti ogé tah lamun kitu mah, Pot. Paingan kula jadi hayang méré duit, cacakan can kaarah gawéna. Komo lamun geus digawékeun bisa jadi teu dibayar?"omongna.
"Geus lah, ulah ngabodor, Ma! Moal lucu barina ogé, ongkoh euweuh bagian Rama Bargawa ngabodor mah. Sok bandungan moal aya nu hayang seuri macana ogé. Geus cicing!".***
Hanca.....
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!