Sangkuriang Nyaleg (5)
Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintang ti hiburan.
- Dina carita anu saméméh, Sangkuriang kalawan teu dihaja nulungan jalma nu mobilna ti kusruk kana susukan. Waktu nganuhunkeun sarta pancakaki éta jalma teh kagét panggih jeung Sangkuriang. Sagigireun ti kitu manéhna ngarasa bungah ogé asa ditonjok congcot. Naon anu nyababkeun éta jalma anyar pinanggih ngarasa bungah? Mangga nyanggakeun lalakon salajengna.
"BENER, Pir! Ieu pisan jalma nu keur ditéangan. Nu geus ngabogaan maha karya, ngalégénda sarta boga nilai jual pikeun ngagedékeun partéy urang." Omongna, bungah.
"Kula teu ngarti kamana loyogna omong arandika? Panggih gé karék ayeuna?"
"Yaktos, Kisanak. Nepangkeun atuh kuring Kartadi," cék uragan ngajak sasalaman.
"Karnadi mah atuh bandar bangkong, meunangkeun anu geulis bati ngabohong," cék Sangkuriang.
"Leres. Éta mah Karnadi. Kuring mah Kartadi," omongna.
"Naha atuh lain saruakeun wé ngaran téh Karnadi améh pinter ngabohong?" polos.
"Ih, teu kenging kitu atuh, Lur! Kuring mah kieu-kieu ogé tara ngabohong upami teu peryogi-peryogi teuing mah," cénah.
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!