Sangkuriang Nyaleg (49)
ED
Editor
M Purnama Alam
Minggu, 25 September 2022 | 07:20 WIB
Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, Léngkahna muru ka handapaeun tangkal anu rada hieum, handapna cukuo didadamparan ku daun anu gararing nu murug. Golédag ngagoler. Teu ngingetkeun urusan bahaya jeung teu bahaya anu penting mah bisa saré.
REUP, peureum, teu kungsi lila ogé kérék nyegrék ngaran-ngaran geus capé tea hamo teu tibra.
“Mang, geus hudang?”
“Saha?” Sangkuriang ngoréjat.
“Kuring, Riweuh!”
“Wayah kumaha ieu?”
“Wanci naneut moyan, Mang!”
“Aya naon atuh wayah kiwari, Lur? Karék ogé reup kula saré,”
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!