Sangkuriang Nyaleg (41)

ED
Sabtu, 17 September 2022 | 06:00 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (41)

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
  • Lalakon Saméméhna, Rada anggang ti imah rumpu-tampa kana jajalaneun sugan aya daun babadotan, da kaayan geus nyedek ka magrib kaayaan teu pati caang.

UKUR sinar layung anu kasilih ku peuting anu maturan, daun babadotan karampid tuluy digayem sabisa-bisa. Geus kitu diutahkeun kana leungeun tuluy ditaplokeun ka lebah tatu anu masih ngocorkeun getih. Satutas katutupan ku daun babadotan mah getih téh teu ngucur teuing kawas méméhna. Sigana rada kapendet.

Beuteung karasa rada ngerebek da acan kararaban dahar ti isuk kénéh, biasa og'e kakara meunang dahar téh lamun tas bérés moro. Tibatan beuteung diantep gandéng mah naon wa bungbuahan anu kapangggih dijalan dihuapkeun. Eiweih buahna daunna ogé teu jadi soal anu penting mah cacing dijeo beuteung kaparaban, sangkan teu ribut waé.

Wanci magrib geus mimiti kalindih ku datangna peuting, jajalaneunj teu pati katempo. Di langit ukur béntang anu pating karetip, moncor kaliwatan sela-sela dangdaunan, anu rada carang.

"Geus rada anggang kawasna ti imah!" omongna, tapi malik mah ka tukang henteu. "Sora Ema geus teu kadéngé hartina aing teu diudag nepi ka palebah dieu. Teu nanaon aing diusir gara-gara sia anjing! Aing sumpah ti imimiti ayeuna moal arék balik deui ka bélah ti wétan tempat meletékna panon poé. Tapi aing arék leumpang sakaparan-paran muru ka kulon, ka tempat surupna panon poe. Aing hayang nyaho tungtungna dunya!" nyarita sorangan.

Getih nu tadina ngucur tina tarang kiwari mah geus mimiti eureunm kawsana katutup ku daun babadotan meunang ngagayem. Tinggal linu sarta nyanyautan lebah tatuna nu kiwari karasa. Sigana neunggeulna cukup tarik ogé. Sahabekna ongkoh jaba nu ngabetakna ogé apanan batok kalapa anu geus nahun.

Wanci geus mimiti nicak ka sareureuh kolot, kakara manéhna ngeureunan léngkah.

Halaman :

1 2

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.