Sangkuriang Nyaleg (33)
Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, Sanggeus rada lila, kakara si Riweuh kaluar tina panyumputan, pikeun méakeun ka panasaran ditéang nepikeun ka lawang gang. "Euweuh siah!" ngan najan kitu angger panasaran bisi norojol deui. "Ah, améh tenang jeung yakin mening nanyakeun ka tukang parkir!" ngagedig leumpang. Ka mana léosna éta jalma? Nyanggakeun lalakon salajengna!
"LUR,"
"Aduh hampura, Weuh," tukang parkir acong-acongan.
"Kunaon, Lur? Siga anu reuwas," si Riweuh kerung.
"Tadi rumasa kuring geus ngabejaan ka éta jalama ka mana anjeun ngaléos,"
"Ah, anjeun mah teu salah, Lur! Kuring puguh teu ngabéjaan ka dulur, ngeunaan éta jalma saméméhna. Ka mana bieu jigna bener geus nyingkah ti dieu?"
"Tuh kaditu balik deui!" nunjuk ku rindatna. "Leumpangna gé gancang éta jalma téh, imbang jeung tangtungan kitu deui dedegna,"
"Sukur ari geus nyingkah mah. Sugan wé teu norojol deui ka dieu?"
"Kamun kuring meunang apal naha saha éta jalma téh?"
"Béjana mah jago kahot, Lur! Ngakukeun Rama Bargawa,"
"Naha siga dina lalakon wayang aya Rama Bargawa sagala rupa?"
"Teuing teu ngarti nanya kitu ka kuring mah. Jaman édan sigana? Si Mamang anu keur ditungguan ku kuring ogé apanan ngaku ngaran Sangkuriang."
"Heueuh, deuih nya? Tapi da meureun bender Sangkuriang éta mah?" cék tukang parkir.
"Bisa waélah ari ngaku ngaran mah. Nu tadi ogé apanan ngaku Rama Bargawa," cék si Riweuh.
"Naha anjeun mah siga anu teu percaya ka Sangkuriang?"
"Ah, naha da éta mah dongéng atuh maké kudu percaya sagala!"
"Tapi naha atuh ku anjeun maké ditéangan ari dongéng mah?"
"Kuring mah lain masalah dongéngna. Butuh wé ku si Mamang, kajeun teuing ngaku ngaran Sangkuriang atawa Citrayuda ogé lain soal éta mah."
"Naon sababna, Weuh?"
"Ari éta mah sigana urusan pribadi, Lur. Wayahna teu apal ogénya. Dina apalna ogé dulur moal ngadadak jadi beunghar. Mending ayeuna wé nu aya keureuyeuh, lain kitu, Kur?'
"Bener ogé tah cartaan téh, Weuh,"
"Lainm kuring téh sanggeus asup ka jero gang bingung, Lur,"
"Bingung kumaha?"
"Heueuh imah Sangkuriang téh anu mana?"
"Naha?"
"Kontrakan loba, bentuk bangunana sarua kabéh, jalma teuing kamarana, sepi?"
"Baruk?"
"Lain baruk! Jawab!"
"Imah Sangkuriang mah pangtungtuna mun teu salah?"
"Mun teu salah?"
"Da kuring gé teu apal, Weuh, soalna can kungsi nganjang. Ngan nyajo sotéh mun mulang osok asup ka gang ieu?".***
Hanca...
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!