IKAPJ Santuni 448 Anak Yatim dan Dhuafa dalam Peringatan Maulid Nabi di Polije 28 Aug 2026 Dari Tenaga Honorer, Muhamad Dahlan Kini Pimpin SDN Girimekar dengan Program Pendidikan Berkarakter 28 Aug 2026 Harga Tiket Mahal, The Jakmania Boikot Laga Persija vs Brisbane Roar 28 Aug 2026 Hasil FP1 MotoGP Aragon 2026, Marc Marquez Tercepat 28 Aug 2026 Jadwal Timnas Indonesia di FIFA ASEAN Cup 2026 Lengkap 28 Aug 2026 Toyota Camry Terbakar di Tol MBZ Arah Cikampek 28 Aug 2026 Destry Damayanti Resmi Jadi Gubernur Bank Indonesia 2026-2031 28 Aug 2026 Pesawat Tempur F-16 Lalu-lalang di Jakarta, Ini Penjelasan TNI AU 28 Aug 2026 3 Faktor Gaya Hidup yang Bisa Picu Penuaan Dini 28 Aug 2026 Ahli Ungkap Waktu Tidur yang Tepat untuk Jaga Energi 28 Aug 2026 IKAPJ Santuni 448 Anak Yatim dan Dhuafa dalam Peringatan Maulid Nabi di Polije 28 Aug 2026 Dari Tenaga Honorer, Muhamad Dahlan Kini Pimpin SDN Girimekar dengan Program Pendidikan Berkarakter 28 Aug 2026 Harga Tiket Mahal, The Jakmania Boikot Laga Persija vs Brisbane Roar 28 Aug 2026 Hasil FP1 MotoGP Aragon 2026, Marc Marquez Tercepat 28 Aug 2026 Jadwal Timnas Indonesia di FIFA ASEAN Cup 2026 Lengkap 28 Aug 2026 Toyota Camry Terbakar di Tol MBZ Arah Cikampek 28 Aug 2026 Destry Damayanti Resmi Jadi Gubernur Bank Indonesia 2026-2031 28 Aug 2026 Pesawat Tempur F-16 Lalu-lalang di Jakarta, Ini Penjelasan TNI AU 28 Aug 2026 3 Faktor Gaya Hidup yang Bisa Picu Penuaan Dini 28 Aug 2026 Ahli Ungkap Waktu Tidur yang Tepat untuk Jaga Energi 28 Aug 2026

Sangkuriang Nyaleg (60)

ED
Kamis, 6 Oktober 2022 | 06:00 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (60)

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
  • Lalakon Saméméhna, "Maké nanya kitu? Kumaha kuring wé, teu kudu képo kana urusan batur. Keun wé batur-batur urang-urang," témpasna.

SI RIWEH kiwari mah ngarasa aman. Tétéla geuningan jalman anu neangan dirina téh nyaho ngaran teu apal kana rupa. Najan kitu tetep dirina bingung balik, lamun pareng di imah panggih jeung manéhna tinangtu tidinya bakal katohiyan ku musuh.

"Kumaha aing balik lamun kieu carana?"

Sabot ngahuleng Sangkuriang norojol, ngarérétan ka tukang parkir ogé si Riweung sakapeung manéhna ngerungkeun tarangna.

"Mang, kabeneran datang? Ngan hanjakal telat?"

"Geuning éta teu sakara-kara, Lur? Kamana ayeuna Rama Bargawana?"

"Balik deui, Mang,"

"Naha? Geuning éta,"

"Kieu lalakona mah," si Riweuh ngadongengkeun kajadian anu karandapan tadi kalawan jelas taya anu didinding kelir sindang siloka.

"Sukur atuh ari kitu mah. Aman keur saheulaanan mah," omongna seuri maur.

"Angger kuring moal bisa balik,"

"Balik mah balik wé ngan kudu ucing-ucingan,"

"Heueuh nya?" semu seunggah.

"Kula percaya anjeun mah bisaan nyieun ékol Lur,"

"Jéngkol aya usumna, ari engkol mah apanan unggal poé gé aya," omongna.

"Nu matak ayeuna mah Ki Dulur bébas arék kumaha waé ogé?"

"Heueuh atuh lamun kitu mah? Ngan anu jadi anéh pikeun kuring ayeuna naha kiwari deukeut ka pemilu téh jadi loba jalma nu kawas Mamang?"

"Maksudna?"

"Nya kitu lah," jep teu ngomong, ukur ngagerentes jero hate, 'Loba jalma anéh? Lamun disebutkeun jalma Bihari nu ngajang ka alam kwari asa mustahil, tapi ieu mahleuwih deukeut kana gangguan jiwa, kawasna?"

"Naha kalahka tuluy ngahuleng, Lur?"

"Lain ngahuleng, ngan teu werat nyaritakeunnana,"

"Keun waé ulah dicaritakeun atuh,"

"Apal kitu naon anu keur dipikirkeunkukuring, Mang?"

"Nyéta henteu matak nanya gé,"

"Sukur ari henteu mah, Mang?"

"Naha?"

"Lain naha, matak cilaka lamun Mamang apal kana kereteg haté kuring,"

"Ngomongkeun?!"

"Tah, éta untungna teu apal kana kereteg haté téh, Mang. Aya paribasa laut mah najan jero bisa diteuleuman, haté mah najan déét teu bisa dikobét,"

"Bener tah omongan téh, Lur." Sangkuriang tuluy ngahuleng, ras inget deui ka awéwé nu ngaran Eulis. Naha bener manéhna téh lain Dayang Sumbi?

"Tuh nya, Mamang mah, geus ngahuleng deui mikiran awéwé?"

"Deuh, naha gening anjeun mah apal kanu keur dipikiran ku kula?"

"Ih, kuring téa atuh?"

"Tadi ceuk ki dulur haté teu bisa dikobét?" Sangkuriang kerung.***

Hanca....

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.