Sangkuriang Nyaleg (58)
"Kumaha atuh saterusna?"
"Maké nanya kitu? Kumaha kuring wé, teu kudu képo kana urusan batur. Keun wé batur-batur urang-urang," témpasna
Si Riweh kiwari mah ngarasa aman. Tétéla geuningan jalman anu neangan dirina téh nyaho ngaran teu apal kana rupa. Najan kitu tetep dirina bingung balik, lamun pareng di imah panggih jeung manéhna tinangtu tidinya bakal katohiyan ku musuh.
"Kumaha aing balik lamun kieu carana?"
Sabot ngahuleng Sangkuriang norojol, ngarérétan ka tukang parkir ogé si Riweung sakapeung manéhna ngerungkeun tarangna.
"Mang, kabeneran datang? Ngan hanjakal telat?"
"Geuning éta teu sakara-kara, Lur? Kamana ayeuna Rama Bargawana?"
"Balik deui, Mang,"
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!