Sangkuriang Nyaleg (40)
Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, Sangkuriang teu nyarita ukur unggeuk sarta mencrong nepikeun ka ngilesma diteureuy ku heurinna gang.
MANÉHNA ogé geus kitu mah tuluy leumpang lalaunan muru ka imah kontrakanana. Haté mah teu bisa dipapalérkeun inget waé ka pangeusi gedong anu sapopoéna ukur dibaturan ku anjing.
"Teu kaharti? Naon sababna awéwé anu sakitu geulisna cicing di leuweung? Ukur dibaturan ku anjing?' gubrag meubeutkeun awakna kana luhur kasur, matana mencrong kana lalangit.
Ras, ka indungna sorangan Dayang Sumbi, apanan hirup manéhna ogé harita ukur duaan katilu anjing si Tumang, bari di Leuweung.
Hirup tiluan di leuweuh harita, salian ti teu nyaho kasangtukangna ogé nepi ka kiwari dirina teu apal bapa sorangan.
"Naha saha ari bapa kula?" gerendengna.
"Sainget kula harita nu ngurus téh ukur Ema sorangan dibantu-bantu ku anjing, si Tumang. Nepikeun ka nyingkahna ti imah gara-gara si Tumang paéh can kungsi nénjo bapa sugan sakali. Lamun téa mah bapa aya meureun kula téh moal nepikeun ka diusir ku Ema. Naha saha bapa kula?" gerendengna.
Saprak kajadian paéhna anjing si Tumang karasana ku Sangkuriang indungna téh kawas anu leuwih nyaah ka anjing ti batan ka dirina.
Sangkuriang neuteup lalangit, mangsa bihari asa bruh-bréh narémbongan deui. Waktu indungna nakolkeun siwur batok kalapa kana tarang asa karasa kénéh. Tarang baloboran ku getih nyeri nyanyautan, tapi heunteu dirasa, leumpang sakaparan-paran ngajauhan imah.
Rada anggang ti imah rumpu-tampa kana jajalaneun sugan aya daun babadotan, da kaayan geus nyedek ka magrib kaayaan teu pati caang.
Ukur sinar layung anu kasilih ku peuting anu maturan, daun babadotan karampid tuluy digayem sabisa-bisa. Geus kitu diutahkeun kana leungeun tuluy ditaplokeun ka lebah tatu anu masih ngocorkeun getih. Satutas katutupan ku daun babadotan mah getih téh teu ngucur teuing kawas méméhna. Sigana rada kapendet.
Beuteung karasa rada ngerebek da acan kararaban dahar ti isuk kénéh, biasa og'e kakara meunang dahar téh lamun tas bérés moro. Tibatan beuteung diantep gandéng mah naon wa bungbuahan anu kapangggih dijalan dihuapkeun. Eiweih buahna daunna ogé teu jadi soal anu penting mah cacing dijeo beuteung kaparaban, sangkan teu ribut waé.***
Hanca....
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!