Sangkuriang Nyaleg (3)

ED
Rabu, 10 Agustus 2022 | 06:49 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (3)

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintang ti hiburan.
  • Dina carita saméméhna Dayang Sumbi meredih hayang dipangnyieunkeun talaga dina waktu sapeuting, kalawan boga harepan Sangkuriang gagal ngaréngsékeun. Tapi sabalikna. Ahirna manéhna boga deui paménta sangkan dipangnyieunkeun parahu. Kudu bérés peuting éta kénéh ulah kapiheulaan ku kongkongrongok hayam. Naha Sangkuriang baris hasil atawa gagal pikeun ngawujudkeun kahayang Dayang Sumbi? Mangga cuang bandungan dina episode salajengna.

HATÉNA beuki dilimpudan ku rasa hariwang, batinna dirungrum ku kasieun. Keueung lamun Sangkurang nepikeunka bisa nyumponan paméntana.

'Wanci pajar lila kénéh,' gerendengna. 'Tarékah? Bener aing kudu bisa ngagagalkeun rencanana!'

Tangtungan nu jangkung lenjang ngiles tina paneuteup Sangkuriang dilegleg ku poékna peuting.

Sangkuriang tatan-tatan ngagero Guriang Tujuh. Bangsa jin nu sarakti sarta lebér ku wawanén, sangkan ketrukeun pangabisa nyumponan paménta Dayang Sumbi.

"Para Guriang, bantuan deui kaula!" gerona handaruan.

Dibarengan ku gelebugna angin jeung pating cungungna ajag. Para guriang nyumponan pangondangna.

"Kula sadaya siap nehonan pamundut, Gusti," saur manuk semu ngosom.

"Jieun parahu nu éndah katénjona. Réngsékeun kalawan gancang, tong kungsi kapiheulaan ku kongkorongokna hayam, komo deui kolébatna pajar!" titahna tandes.

"Unjuk sumangga, Gusti!"

Guriang Tujuh, gagancangan ngajalankeun naon rupa anu diparéntahkeun ku Sangkuriang. Pikeun nyumponan kahayang Dayang Sumbi.

Kangaranan guriang anu bisa ngajorélat lir tatit, ngawang-ngawang kawas manuk, ngajaul mapakan méga. Ngabiur marengan angin, teu anéh upama seug bisa ngaréngsékeun pagawéan kalawan gancang.

Teu lila gé parahu geus ngabentuk ngajugrug di sisi talaga. Léngkahna nu saterusna tinggal masieup jeung ngageulisan.

Hanjakal pagawéan maranéhna teu kaburu tuntas. Kasapih ku jangji, kagareuwahkeun ku kaayaan.

Dumadakan hayam patémbalan kongkorongok, patarik-patirk bangun mupuas. Di langit belah ti wétan gé harianeun pajar bet gancang hibar.

Para guriang leuwih keueung nyanghareupan beurang batan tunduk ka Sangkuriang. Paburisat pating kocéak hariwang kasambut fajar. Kabéh jicir ninggalkeun tugas nu acan tuntas.

"Kurang ajar!" Sangkuriang ngabengkahkeun kakeuheul. Napsu ngagugudug, amarah teu kawadahan. Ngagidir, beungeutna reup geuneuk ray pias. Huntu kekerot napasna rénghap-ranjug.

Rét kana parahu, ditajong satarik. Wuwuh tanaga anu rohaka dibarung ku kasaktian. Parahu ngabelesat ka jomantara, kakalayangan néangan tempat murag.

Tanggul talaga dijebol, watesna diburak-barik, caina bedah, lébléban. Caah déngdéng malidkeun sakur nu kasampeur. Sato gedé, sato leutik paburisat nyalametkeun diri, tina umpalan cai nu ngagalura.

Naas sato nu teu kaburu ngejat, kabawa palid roroésan. Sabagian ngerelep diteureuy caah.

"Dayang Sumbi!" gorowokna tutas ngabudalkeun kakeuheul. "Dimana anjeun?" gajleng luncat.***

Hanca...

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.